MANTRA: Arti, Jenis, dan Contoh dalam Bahasa Sunda



A. Perkara Mantra

Nilik kana wangunna, mantra teh mangrupa puisi (wangun ugeran), sok sanajan teu matok aturanana atawa teu ditangtukeun guru laguna (sora dina engang panungtung), guru wilanganana (jumlah engang dina unggal padalisan), jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ugeran atawa aturan puisi teh bakal karasa upama geus dibaca atawa dipapatkeun. Dina eta mantra aya wirahma jeung purwakanti, nepi ka ngareunah diunikeunana.


Purwakanti jeung wirahma anu aya dina mantra teh Iain ngan saukur mibanda ajen inajen kaendahan (estetis) wungkul, tapi aya maksud-maksud anu leuwih jero ti eta, nyaeta ngandung kakuatan gaib (magis). Basa anu digunakeunana oge kawilang aheng, sipatna eksitoris atawa hese ditangkep maksudna.


Eusi mantra anu 'dianggap ngandung kakuatan gaib teh dipapatkeun ku „nu boga maksud hayang meruhkeun nu sejen atawa nanjeurkeun kakuatan jeung komara pribadi.


Tujuan digunakeunana mantra teh di antarana pikeun ngawasa sukma nu lian, sangkan diri pinunjul, sangkan padamikaasih, sangkan bedas, salamet gede sima, ludeungan, nyinglar, jeung ngariksa.


B. Gelarna Mantra

Numutkeun sawatara ahli, mantra teh gumelama dina mangsa animisme/dinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal eta kapanggih dina sawatara mantra anu ngagunakeun kekecapan tina basa Arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan urang Sunda geus ngagem agama Islam, tapi henteu ngaleupaskeun sagemblengna kapercayaan warisan karuhunna.


C. Papasingan Mantra

Ditilik tina fungsi jeung suasana ngedalkeunana, nu kaasup kana mantra teh nyaeta: jangjawokan, asihan, ajian, singlar, jampe jeung rajah. Di handap aya sawatara contona masing-masing, tapi husus ngeunaan jangjawokan, baris dipedar sacara mandiri, luyu jeung pameredih GBPP.


1. Asihan

Asihan disebut oge pelet, dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu sejen mikaasih ka diri nu mapatkeunana. Contona:

ASIHAN SI BURUNG PUNDUNG

Nu cunduk bayu Si Anu

nu datang atmana Si Eta 

reujeung satineung jeung aing 

mangka datang jeung ragana 

mangka cunduk jeung bayuna 

mangka naraya jeung satineung 

mangka tunggal atmana 

iya rasa nira 

iya rasa nisun 

saking purba ning pangeran 

asih ka asih ka awaking 

nu bogoh paboro-boro 

nya atma paheula-heula 

nu beuki pagiling-giling 

nya bayu pagulung-gulung 

nya atma paheula-heula 

mangka reujeung satineung 

da tungkul geusan jeung sukma 

… jeung saterusna.

(Tina naskah koleksi Bapa Moh. E. Idris, Wanayasa)


2 Ajian 

Ajian teh dipapatkeun kalawan maksud pikeun kakuatan, kasakten, kabedasan, jeung sajabana. Contona:

AJIAN KABEDASAN

Sang Balegadung bakaling jagat 

Sang Balegading bakaling langit

Sang Baleputih bakaling bumi 

Sakata he nyawa punika 

ana ingsun kabeh 

ya ingsun karsa datulloh

(Tina naskah koleksi Bapa Moh. E. Idris, Wanayasa)


3. Singlar

Singlar dipapatkeun maksudna pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, silumansilemin, jeung sajabana. Contona:

SINGLAR HAMA PEPELAKAN

Seuri celeng bang celeng palembang 

geura los geura leumpang 

ka sabrang ka palembang 

ka kajagi ka patani 

ka batan ka tulangbawang 

ka nu hejo lolopangan 

ka nu hideung siga nila 

di dinya kahanan sira 

istan, istan, istan!

(Tina naskah koleksi Bapa Moh. E. Idlis, Wanayasa)


4. Jampe

Jampe dipapatkeun atawa dipake pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, atawa kabiasaan anu teu hade supaya jadi hade, cageur, jsb. Contona:

JAMPE KA BUDAK NU SOK CEURIK BAE

Nyi ara-ara 

Nyi iri-iri 

ulah sok jail ka adi

tuh, da şia bawa ngajadi

jep meneng si jabang bayi 

(Tina naskah koleksi Bapa Moh. E. İdris, Wanayasa)


5. Rajah Pamunah

Rajah pamunah dipapatkeun maksudna salamet, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang, saperti barang aya nu maling, keuna ku panggawe batur, kasiku, jeung sajabana. Contona:

RAJAH PAMUNAH HARTA BANDA KEUNA KU LONGLONGAN

Bismillahirrohmanirrohim 

Nini Raja Puhara

Aki Raja Puhara

Ulah iri ka pepelakan aing 

maring pare maring sipat sajeneng

kalawan ingsun sasipat 

kalawan ingsun maujud

maring datulloh

maring beas sajeneng

kalawan ingsun maujud 

maring datulloh

seuri asih ka bangsa tunggal kagungan 

seuri suci mulya badan 

sampurna tunggal iman 

ambu pancering iman 

bapa tangkaling iman 

gagang aing gagang iman

… jst. 

(Tina naskah koleksi Bapa Moh. E. İdris, Wanayasa)


Salain ti eta, aya deui anu disebut pileumpeuhan, pilengketan, pangemat, kasemaran, karahayuan, jsb. Minangka conto mantra, sakitu bahe heuıa. Urang teruskeun kana jangawokan.


D. Jangjawokan

Jangjawokan dipapatkeun pikeun menta kasalametan; upama arek ngamimitian hiji pagawean. Contona:

JANGJAWOKAN PARANTI DIWEDAK

Pupur aing pupur panyambur 

panyambur panyangling rupa 

nyalin rupa ti Dewata 

nyalin sari Widadari 

nya tarang lancah mentrangan 

nya halis katumbirian 

nya irung kuwung-kuwungan 

dideuleu ti hareup sieup 

disawang ti tukang lenjang d

itilik ti gigir lenggik 

mangka welas mangka asih ka nu dipupur 

ditenjo ku saider buana kabeh

(Dicutat tina Pedaran Sastra Sunda)


Upama ku urang ditengetan, jangjawokan di luhur teh leubeut ku purwakanti, boh purwakanti rantayan boh runtuyan. Ari anu disebut purwakanti teh nyaeta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah atawa gabungan kecap.


Purwakanti nu aya dina jangjawokan di luhur teh kawilang euyeub, di antarana bae:


a. Purwakanti Pangluyu

Nyaeta purwakanti anu nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap saungkara atawa sapadalisan. 

Pupur aing pupur panyambur 

nyalin sari Widadari 

disawang ti tukang lenjang, jsb.


b. Purwakanti Margaluyu

Nyaeta kecap tina tungtung padalisan, dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana: 

Pupur aing pupur panyembur 

panyembur panyangling rupa


c. Purwakanti Mindoan Kawit

Nyaeta aya kecap-kecap anu dipindo dina awal padalisan: 

nyalin rupa ti Dewata 

nyalin sari Widadari 

nya tarang lancah mentrangan

nya halis katumbirian 

nya irung kuwung-kuwungan


d. Purwakanti Laraspurwa

Nyaeta murwakanti engang awal kecap, boh rantayan boh runtuyan. Dina jangjawokan di luhur mah runtuyan (antarpadalisan):

dideuleu ti hareup sieup 

disawang ti tukang lenjang 

ditilik ti gigir lenggik


e. Purwakanti Larasmadya

Nyaeta purwakanti antarpadalisan nu ayana di tengah ungkara (padalisan): 

dideuleu ti hareup sieup 

disawang ti tukang lenjang 

ditilik ti gigir lenggik


Dina jangjawokan di luhur oge aya babandingan (gaya basa ngupamakeun), anu mindeng kapanggih dina karya sastra buhun saperti carita pantun:

Nya tarang lancah mentrangan 

Nya halis katumbiri 

Nya irung kuwung-kuwungan 


E. Sawatara Conto Jangiawokan


JANGJAWOKAN PARANTI NGAGEUGEUS

Ramo sapuluh jadi ramo salapan 

ramo salapan jadi ramo dalapan 

ramo dalapan jadi ramo tujuh 

tujuh jadi ramo genep

ramo genep jadi ramo lima 

ramo lima jadi ramo opat 

ramo opatjadi ramo tilu

ramo tilu jadi ramo dua 

puhaci!

puhaci sing jadi hiji

(Dicutat tina Panyungsi Sastra)


JANGJAWOKAN TULAK BALA

Nam dulur aing cikal ti heula 

pangmeuntaskeun aing jalan 

mangka lingih mangka ambring 

bisi aya nu hiri nu dengki jail kaniaya 

rengkas sukuna 

beungkeut leungeunna 

cocokan ceulina 

rapet matana 

pupul bayuna 

ku Sang Kuyupuk Putih 

ya hu ya hu ya Alloh

(Dicutat tina Bagbagan Puisi Mantra)


JANGJAWOKAN NYIUK BEAS

Siuk dengdeng siuk langgeng 

nu hurip ulah keuna ku gingsir 

nu langgeng ulah keuna ku owah 

mangka tetep mangka langgeng 

langgeng di paniisan 

berkah solawat 

wassolatu wassalamu alaikum 

wa rohmatullohi wa barokatuh

(Dicutat tina Basa Sunda SLTP IB)


JANGJAWOKAN PARANTI NGALA LAUK

Aki Batara Gangga nu ti girang 

Aki Batara Ginggi nu ti hilir 

aing menta ingon-ingon 

geura top!

(Tina naskah koleksi Bapa Moh. E. Idris, Wanayasa)


JANGJAWOKAN PARANTI DIMINYAK

Minyak aing minyak watu

dipidu di sihung maung 

diocek di panonpoe 

sekartaji suru gajah 

nya gajah tunggal 

katawu wus kabeubeur wus 

kabeungkeut atina Si Anu

atawa atina wong sajagat kabeh

(Tina naskah koleksi Bapa Moh. E. Idris, Wanayasa)


JANGJAWOKAN PARANTI NGABOJEG

Nini Semar Aki Semar 

Bapa widayat putih

Nu ngalenggang herang 

Nya aing ratu kasemaran 

Kama welas raden 

Kama asih lanang wadon 

Tua anom sih asih maring ingsun 

(Tina naskah koleksi Bapa Moh. E. Idris, Wanayasa)


JANGJAWOKAN PARANTI LINTAR ATAWA NGUSEUP 

Aki Rekrek Turaya 

Anak patutan turunkeun 

Aing nya pangkonan sia 

Bayu mas nu langgeng putih 

Bayu emas nu langgeng herang 

Bumi meneng bayu meneng 

Ku sangkilat ku mancorong 

Ratna putih sang ibuh putih ‘

Undur ku sangkilat sakti 

Nya isun sang demit jati 

(Tina naskah koleksi Bapa Moh. E. Idris, Wanayasa)


Sumber: Buku ‘PANGAJARAN SASTRA SUNDA’, ku Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kaca 15-22


0 Comments:

Posting Komentar